Rabu, 03 Juni 2009

SI KABAYAN MORO UNCAL
Resensi ;

Isuk kénéh si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rahayat rék moro uncal.
Urang kampung geus saraged, make calana sontog, samping di beubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang nyolegréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing rageg geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, make sarung di kongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya. “Keur nyisit uncal,” témbalna.
Nu rék moro laju arindit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing rageg ti kulon, ti kalér, ti wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di Beulah kidul, lebah bubulak.
Ari si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, néangan jambu asak. Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Ceuk pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél waé manéhna naék kana tangkal jambu. Teu bias luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyandon. Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si Kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo, horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna, uncal ngarengkog, tuluy babadug haying ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekeunana hoshosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuung.., tuluuung.., ieu aing ditubruk uncaaal..!!” si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugan téh, teu antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak, si Kabayan ogé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun. “Kumaha ditéwakna uncal sakieu badagna Kabayan?”
Si Kabayan nangtung lalaunan bari cengar-cengir. “Ah., gampang. Uncal méngpéngan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wé tandukna ku sarung. Tuh gening sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu bararéd.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan balik ngajingjing pingping uncal bari héhéotan.
Dicutat tina Carpon Mangle.


Kasimpulan :

Si Kabayan nyaéta hiji tokoh/karaktér rahayat urang sunda. Manéhna ngabogaan watek bodo tapi pintér, dicirian ku gaya sorangan, nyaéta beuki heureuy, humoris, tara ngambeuk, tapi sok salah ku paripolah sorangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar