Rabu, 03 Juni 2009

Judul : Ulin Ka Lembur Kuring
Pengarang : Sarah Aini
Penerbit / thn : Cupumanik/ 2006

Ulin Ka Lembur Kuring
Lembur Kuring téh patempatan nu aya di wewengkon kota Bandung Beulah kalér, kaasup ka kalurahan Babakan Siliwangi, Kacamatan Coblong.
Harita téh poé saptu, sarta kabeneran hade poéna. Abdi sareng réréncangan saparantos bubar sakola ngahaja ngarumpul hela di buruan sakola, lantaran tos pasini rek ngadon botram di Lembur Kuring.saparantos dugi ka tempat nudijug-jug, abdi sarebg réréncangan bar waé namparkeun samak saheulay anu ngahaja kénging ngabantun. Neraskeun lalampahan, abdi sareng réréncangan teu weléh muji sukur ka Nu Agung, anu parantos nyiptakeun alam katut sadaya eusina.
Keur jongjon ningal pamandangan di sawah, naha atuh ari….gebrug aya nu labuh pengkereun. Barang dirérét singhoreng jang Adi deui waé ayeuna mah tikoséwad dna galengan sawah meunang mopok patani.
Nama : Dewi Siti Astuti
Npm : 180210060016


Judul : pélét Maronggé
Pengarang : Rangga Gumilang
Penerbit / Thn : Seni Budaya / 2005

Pélét Maronggé
Raheut manah ku pamget , nu ngjurung Gabug apruk-aprukan milari babakan geusan nyingkahan nu ngararajét atina. Nyai Gabug disarengan ku tilu rayina, Setayu, Naibah, Nidah. Taya nu terang, saha lalaki nu tos ngaraheutan manah Nyai Gabug.
Nyai Gabug anjog ka hiji pasir di tungtung lembur Babakan. Saterasna Nyai Gabug bubura, ngadengekeun tempat pamatuhan. Wartos ngeunaan Nyai Gabug kalih rayina gancang pisan ngbalabar kawat, ibur salembur éar sadésa, yén di pasir Babakan aya opat widadari sasab. Para pangeusi kampong, upamina kaum pameget teu sirikna ngaleut ngagkeuy ngabandaleut muru ka pair Babakan.
Nyai Gabug malidakeun kukuk kawalungan Cilutung. Saterasna Nyai Gabug munut sangka éta kukuk dibalikeun deui ngalawan cai nu ngamalir. Raja Gubangkala ngaranju, wiréh tanjakan Nyai Gabug téh kalintang abot. Malah sok sanaos Raja Gubangkala sumerah, taluk kalayan heneu sanggup nedunan tanjakan Nyai Gabug. Demi Nyai Gabug, manahoréng ku kalinuhungan pangaweruhna, tiasa malikeun deui kukuk.
Taya nu henteu ta’jub nyakskaampuhan élmuna Nyai Gabug. Éta kajadian anu jadi sasakala kamashurna “pélét si kukuk mudik”.
Nama : Dewi Siti Astuti
Npm : 180210060016

Tidak ada komentar:

Posting Komentar