Rabu, 03 Juni 2009

Judul : RUSIAH
Pengarang : Holisoh MÈ
Penerbit : Cupumanik/ Oktober 2006

Hiji lalaki nu geus boga pamajikan keur bungah, sabab anyar boga budak. Manéhna diurus ku indungna jeung bapa téréna, sabab ti manéhna orok gé geus diurus ku bapa téréna.
Dina hiji waktu, manéhna ngadéngékeun ti luar imahna. Ceulina diantelkeun kana bilik imahna. Aya indung jeung bibina keur ngaromongkeun manéhna. Awalna mah ngomongkeun yén éta budakna téh siga akina, mun ceuk indungna mah ‘siga si nurustunjung’. Manéhna tuluy ngadéngékeun, sabab manéhna haying nyaho saha bapa nu tegesna.
Malah keur manéhna SMP mah, manéhna téh pernah kabur ti imah, kaluar ti sakola jeung sok mabok, kusabab manéhna haying nyaho saha bapa tegesna. Sababaraha bulan manéhna tara panggih jeung indung. Geus mangbulan-bulan teubalik aya emangna nyusulan ngajemput, ngabéjakeun yén indungna téh keur gering parna. Manéhna daék balik ka imah milu ka emangna.
Nepi di imah manéhna éling, sadar langsung ngedeprek di hareupeun indungna nu keur ngagoler. Manéhna janji ka diri manéhna rék robah. Manéhna embung nyeri hatékeun deui indungna. Manéhna hayang némbongkeun kahadéan dina waktu pas manéhna panggih jeung bapa tegesna.
Dina waktu manéhna suksés, pas keur sukuran anakna bapa tegesna nepungan. Mimitina mah manéhna embung ngahampura, sabab geus ngantep manéhna jeung indungna, jeung geus nyieun manéhna kabur ti imah. Tapi manéhna mikir deui ‘piraku moal ngahampura mah!’. Manéhna karunyaeun ninggali kaayaan bapana nu geus teu mararatut dina awak jeung pakéannana.

Nama : Eva Siti Nurjanah
NPM : 180210060009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar