Rabu, 03 Juni 2009

Judul : Harga Kasatiaan
Pengarang : Tetty Suharti
Penerbit/ Thn : Kanagan (Kumpulan Carpon Pinilih Manglé)/ 2003

Aya hiji kulawarga, nyaéta indung (Nunung), bapa (Jajang), jeung anakna tilu (Titin, Nining jeung Ade). Nu loba ngabélaan kulawarga téh indungna. Timimiti néangan nafkah, ngurus budak, nepi ka bébérés imah kusorangan, paling nu minangka sok mantuan téh anak nu panggedéna sok ngurus atawa ngamandian adi-adina.
Dina hiji waktu pas hudang saré tibeurang Nunung ngarasa lieur, teu rada lila batuk ujug-ujug kaluar getih. Manéhna mikir sieun TBC. Di imah euweuh sasaha. Pas salakina datang Nunung langsung bébéja. Salakina euweuh rasa hariwang komo perhatian kanu jadi pamajikan. Malah dijauhan jiga nu sieun katépaan. Saméméh Nunung saré, Nunung omat-omatan ka salakina haying ditungguan nepi ka manéhna hudang. Tapi pas Nunung hudang salakina nyampak euweuh, Nunung ngan bisa kukulutruk sorangan.
Isukna salakina ngajak ka dokter, méh puguh ceunah naon panyakitna. Tisaprak balik ti rumah sakit, salakina beuki ngajauhan manéhna. Timimiti saré sok jeung budak-budakna waé nepi ka urut dahar Nunung sabangsa piring, séndok jeung gelasna sok di léoban. Dinu saré barengna gé sok nonggongan bari dibuntel da sieun katépaan.
Hiji waktu Nunung kesel ninggali kalakuan salakina jiga kitu. Nunung paséa jeung salakina. Nunung nanya ka salakina “Mana harga kasatiaan salila ieu téh?”. Saking ku keselna Nunung mawa budak nu bungsu nyingkah ti imah kontrakan éta.
Nama : Eva Siti Nurjanah
NPM : 180210060009

Judul : Manéhna Lain Musa
Pengarang : Dédé Syafrudin
Penerbit/ Thn : Kanagan (Kumpulan Carpon Pinilih Manglé)/ 2003

Dina tumpukan sampah disela-sela gedong pencakar langit, manéhna cicing. Digembrong laleur, unggal jelema ngaliwat sok nutupan irung. Manéhna sok disebut janin. Janin nu geus dipiceun ka wadah runtah. Manéhna teu dipikahayang ku jelema nu geus nyalahan tina norma-norma.
Teu rada lila aya kopéah nu dipiceun cicing deukuet janin. Kopéah nu dipiceun éta ngobrol jeung janin. Janin nanya “ti mana asal anjeun?”. Tuluy wé Si kopéah téh nyarita. Si kopéah nyarita yén manéhna milik salah saurang guru agama. Si kopéah tara leupas ti sirah guru agama téa. Tapi saeunggeus guru agama éta maot si kopéah diteundeun di gudang mangtaun-taun, pas anakna bébérés manéhna dipiceun.
Si kopéah loba nyaritakeun pangalaman nu geus miboga manéhanana. Tapi anu paling nyieun janin éta merhatikeun waé téh, pas Si kopéah nyarirtakeun Nabi Musa. Nyaéta dongéng ngeunaan orok anu dipalidkeun ka walungan ku indungna pikeun nyingkahan balai jalma-jalma anu hayang nyilakakeun.
Saeunggeus lila ngobrol Si kopéah aya nu mulung ku gelandangan. Sedengken manéhna mah dibawa ku anjing. Rébuan laleur héjo haliber. Basa anjing éta ngagégél kantong palastik hideung anu ngabulen manéhna, tuluy digusur ngajauhan wadah runtah. Manéhna gumbira, “Ambu? Ambu…! Ambu…” ceuk manéhna.

Nama : Eva Siti Nurjanah
NPM : 180210060009



Judul : Sarpani Oray
Pengarang : Empu Surawinata
Penerbit/ Thn : Kanagan (Kumpulan Carpon Pinilih Manglé)/ 2003

Kacaritakeun aya hiji jalema nu pinter, nu nyaho kana oray ngaranna nyaéta ngaranna Sarpani. Manéhna pinter newak oray, nyingkeun oray. Rupa-rupa oray sok bisa ditaklukeun ku manéhanana mah. Ceunah jangjualeun deui kulitna, cenah ogé sok dikilo.
Aya hiji jalema nu ngadatangan Si Sarpani. Rék ngahuma cenah, tapi sieun loba oray. Méta bantuan wé ka Si Sarpani sangkan sabuat manéhna ngahuma mah oray téh euweuh nu datang, teu ngaganggu kanu ngahuma. Si Sarpani daék mantuan.
Disiapkeun wé menyan jeung ci hérang, da saacanna éta téh pamenta Si Sarpani. Menyan dihurungkeun bari dikunyem-kunyem heula ku Si Sarpani téh. Tuluy Si Sarpani ngulilingan sawah bari mamawa menyan. Geus kitu mah nyingkah wé Si Sarpani téh bari dikeupeulan duit.
Sabuat ngahuma, aya nu manggihan oray, orayna téh leuleus begang, jiga peta mesin tik cenah. Tuluy ngageroan Si Sarpani, naha bet bisa jadi kitu éta oray téh. Si Sarpani ngajelaskeun pan ku urang geus dijampéan sangkan teu bisa pucak-pacok.
Geus kitu teu rada lila aya nu néangan Si Sarpani. Ngajelaskeun yén pamajikannana sok méwék teu boga duit, tuluy paré béak dihakanan beurit. Ti saprak Si Sarpani sok ngala oray, di kampungna jadi tara aya oray. Paré-paré sok béak ku beurit.
Nama : Eva Siti Nurjanah
NPM : 180210060009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar