Rabu, 03 Juni 2009

Nama : Revi Noviana
NPM : 180210060035
JUDUL: Milih Jodo
SINOPSIS CARITA

Tiap mahluk hirup nu di ciptakeun ku nu Maha Kuasa pasti dipasang-pasangkeun. Aya jalu, aya bikang; aya pamegeut, aya istri. Kawinna mahluk hirup nu benteun jenisna mangrupakeun jalan hiji-hijina ameh katurunan mahluk hirup tetep jalan.
Kusabab eta, loba jelema nu neangan jodo bebeakan, padaha jodo teh geus ditangtuken ku nu Maha Kuasa sarua ciga hirup-hentuna jelma. Naon sabeunerna arti joda? Dina bahasa Arab jodo disebut “kufu” nu artina, silih ngajunjung, silih ngamanjakeun, jeung silih ngabahagiakeun.
Di Jaman baheula loba kolot mangneangankeun jodo keur budak-budakna padaha can tentu anakna bakalan bungah dikitukeun. Kolot ngitung cocok atawa heuntena jodo budakna tina hari lahir, katurunan, harta atawa martabat calon suami atawa istrina. Lamun kolot satuju, otomatis masalahna jadi beres. Budakna teu kudu hese-hese neangan jodo deui; apanan sabari ngajalani hubungan cinta bisa aya lain?
Perkawinan nu diatur ku kolot teu jarang nu gagal, komo deui barudak Jaman ayeunamah paling mbung mun diatur-atur atawa didikte ku kolot, benteun jeung bareto. Jaman ayeunamah barudak teh hoyongna milarian colon jelema nu bakalan maturan saumur hirup ku sorangan. Tapi teu jarang oge hubungan anu dasarna silih bogoh gagal ditengah jalan.
Cara ameh masalah eta teu kajadian, antara kolot jeung budak kudu kompromi, maksadna kolot kudu mere nyaho kabudakna tentang jodo nu geus dipilihkeun. Kolot kudu jujur nerangkeun sikap jeung sipat, pendidikan,keturunan jeung sajabana tentang calonna. Lamun kira-kira budak satuju, kolot bisa ngarencanakeun budakna meh bisa panggih keung calonna.
Sabalikna, mun kira-kira budak geus boga jodo pilihan sorangan, eta buda kudu ngenalkeun calonna. Kusabab kolot geuns ngarasakeun haseum-paitna kahirupan pastina bisa leuwih taliti nganilai kakurangan jeung kaliwehan calonna.
Masalah jodo emang penting pisan, keur conto dina carita-carita wayang tokoh Raja loba nu mangneangankeun jodo keur putrina. Misalna, Maharaja Drupati ti karajaan Cempala husus ngaayakeun sayembara keur neangan calon suami putrina, Dewi Drupati. Keur sasaha nu bisa ngelehkeun Aria Gandanama, patih Cempala nu gagah jeung sakti, mangrupakeun jelma nu bisa jadi salaki putrina nu geulis jeung teu aya nu bisa nandingan kageulisanna. Kaurawa, jeung Bambang Kombayana nyaeta tohoh-tokoh pawayangan nu ngiringan sayembara, tapi nu menangkeun sayembara eta nyaeta Pandawa.
Sabeunerna lalaki ciga kumaha sih nu bisa dijadikeu batur hirup keur salilana? Nu jeulasmah kudu saling cinta, jeung cinta nudirasakeun teh kudu jujur tong dipangaruhan ku pihak katilu. Harta, kaningratan atawa kasolehan (kasantrian) teu bisa dijadikeun patokan soalna da nu kitu mah moal lila ayana oge. Tapi nu bisa jadi ukuran ataw patokan nyaeta cinta eta nyalira, da lamun cinta sejatimah moal kabeuli ku duit. Lamun ngke ternyata urang dibeure harta loba pas ngajalankeun hubungan tong nepi nyieun luntur cinta nu geus dijalani.
Kira-kira naon sih nu jadi patokan milih calon istri? Ceunahna aya lima sarat nu kuduna diboga ku istri, nyaeta:
1. Ratih
2. Rati
3. Wini
4. Ina (inang) jeung
5. Rajapati
1. RATIH, artina kanikmatan nu lengkap. Aya oge nu ngaartikeuna keumbang tanjung, ratu, atawa bulan. Artina emang macem-macem tapi hakekat nu salereusnamah ngalambangkeun kamuliyaan nu didukung ku kanikmatan.
2. RATI, artina senang atawa nyaman. Aya oge nu ngaartikeuna bulan nu mancarkeun kaleumbutan jeung sejuk nu bisa nyegeurkeun awak nu geus cape gara-gara aktipitas diluar.
3. Wini, artina beubih. Istri keudah mangrupa ciga beunih atawa bibit. Lain saenakna beunih, tapi kudujadi beunih nu paling alus atawa biasa disebut bibit unggul. Sabab,lamunbibitna sembarangan mustahil bisa tumbuh jadi jiwa nu tangkal nu perkasa.
4. INA, artina paminpin atawa kepala. Maksudna, si Istri kudu boga sikap mimpin tempat dimana biasana si Istri ngalakukeun aktipitas, misalna mimpin dapur imah nu.
5. RAJAPATANI, artina permasuri, garwa raja (ratu). Maksudna, istri keuda tiasa ngmuliakeun suami, lincah, murah hate jeung weulas asih ka krabat.
Kumaha carana ameh jalan rumah tangga bisa akur nepi ngke nini-aki aki? Dina adt sunda mun keur kawin sok diayakeun rangkain adat nikah nyaeta sawer. Upacara nyawer ngagambarkeun naon nu kudu dilakukeun ku Suami-Istri pas ngajankeun hirup duaan. Papatah oge teu poho ditinggalikeunpas upacara sawer, ngajeulaskeun lamun kanyaah kolot teh jeung kolot beuner-beunerna kolot, ameh anakna bisa ngabina rumah tangga nu langgeung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar