Rabu, 03 Juni 2009

1. Judul buku : Teu Pegat Asih
Karangan : Soeman Hs.
Penerbit : Kiblat

Ieu novel didongéngkeun deui kana basa Sunda ku Moh. Ambri. Moh. Ambri ogé tos tiasa mindahkeun suasana “deungeun kana suasana anu keuna kana kabiasaan orang sunda, bari teu aya nu robah “kadeungeunana”. Salah sahiji subangsih mangrupa karya asli pikeun kesusastraan Sunda.
Isi carita novel “Teu Pegat Asih”; nyaéta:
Aya jajaka pangawakanana pendék leutik, jangkungna ogé sed baé ti saméter satengah, tapi umurna mah geus kolot, leuwih ti dalapan welas taun. Ngaranna Si Taram, manéhna téh budak kukut Tua-kampung. Asalna mah ti Singapur, dibawana ti ditu téh karak bubulanan umurna. Sanggeus asup Islam, Si Taram jadi réa kawawuhan.
Di deukeut imahna, aya béntangna éta kampung. Nurhaida ngaranna. Si Taram bogoh ka éta wanoja. Nepi kagégéloan, dugi jinisna ditanya. Kabeneran ituna puruneun. Ngan hanjakal, lamaran Tua-kampung teu ditarima ku kolot Nurhaida. Lantaran cek Nini Tijah téa mah, Encé Abas - bapana Nurhaida – luhur teuing pamakanan.
Dugi Taram mawa minggat Nurhaida ka Singapur, bari didituna dikawin ku Si Taram. Menang sebeberaha taun ngajalanan rumah tangga nu can menang restu, Nurhaida minggat ti salakina balik ka lemburna deui. Untung can batian, jadi pas resmi randa, loba pisan nu masih hayangeun ngan angger bapa na luhur teuing pamakanan. Aya pangumbara ti Arab ngajual obat di lembur éta, manehna ngarana Syékh Wahab.kakara sabaraha poé di dinya tuan Syékh geus kautara ka saeusi lembur. Lain ku barang dagangna tapi ogé ku kaalimanana. Tuan Syékh ngalamar ka nyi randa, bapana nyatujuan. Persiapanna ogé meni alus, jiga parawan nu rék dikawinkeunana. Geus resmi jadi salaki Nurhaida, dina lebaran éta Syékh robah jadi Ki Taram. Lalaki nu geus pernah jadi salakina.


2. Judul buku : Mercedes 190
Karangan : Muh. Rustandi Kartsakusuma
Penerbit : Girimukti Pasaka

Dina novel “Mercedes 190” nyaritakeun kahirupan rumaja dijamanna.
Lalaki anu mamerkeun kabeungharan jang menangkeun wanoja-wanoja nu nurut dikumaha-kumahakeun. Manehna nu miboga hiji-hijina mobil mersedes 190 sa-Bandung, ngaranna Dudung. Manehna unggal poe ngalakukeun Operasi Sapu Jagat dibaturan ku babaturan nu paling satia nyaeta Jaja. Euweuh hiji mojang nu teu bau bengsin, kitu kayakinanan Dudung nepi ka panggihan jeung Nenden.
Nenden hiji mojang nu kakara nolak diajak ku Dudung, milih naek beca tibatan ngilu naek mobil Mercedes 190. Ti saprak harita Dudung teu bias mopohokeun kajadian eta sareng emut wae kanu namina Nenden. Dugi ngahajakeun ngadamel sandiwara jeung bias patepung sareng Nenden. Kabeneran Jaja boga babaturan di fakultas kedokteran nu ngarana Liesye. Liesye sareng Jaja ngahaja ninggalkeun Nenden sareng Dudung ambeh bias duan. Ti barang kajadian eta Dudung bias deukeut jeung Nenden.
Hiji poe Dudung nganterkeun balik Nenden teu make mobil tapi beca. Sapanjang jalan Dudung ngluarkeun eusi hatena ka Nenden. Tapi Nenden nu malik bingung kudu kumaha ngawaler sadaya pertanyaan nu diajukeun ku Dudung. Padahal Nenden teu resep kana kalakuanna nu tos katelah playboy sa-Bandung. Ku kadeukeutan yeuna wae geus teu nyaman jang Nenden mah, ngan saukur ngahargaan wungkul. Sateu acan lebet ka bumi Nenden miwarang Dudung kanggo ameng ke enjingna ka bumina. Tapi teu lila Nenden nelepon yen isuk tong jadi soalana Nenden bade ngapalkeun kanggo prektek kimia.
Dudung langsung mangkat ka imahna Nenden, tapi ti saprak nepi Nenden jiga nu ambek ka Dudung. Asa teu di hareupkeun datang, Dudung balik deui ngan karek dugi jalan ya nu ngajeit. Langsung wae Nenden nyameurkeun ka Dudung, hampir wae Dudung ka serempet ku tangga beusi dina mobil pagawai listrik. Tapi teu kunanaon, langsung wae dibawa ka jero imah. Didinya Dudung jangji rek jadi anu dipikahayang ku Nenden, rek robah palipolah jadi bener. Ti barang harita oge Nenden ngarasa Cinta ka Dudung.

4. Judul buku : Jurig Paséa jeung Nyi Karsih
Karangan : Tini Kartini
Penerbit : Kiblat

Awéwé nu ngalakonan dina carpon-carpon Téh Tini, seueurna ngenaan pangalaman anu teu pikabungaheun. Dina “Jurig”, Nyi Iyot téh kapan dinyenyeri ku salakina, anu antukna kawas nu kurang saeundan. Kitu deui dina “Ondangan”, si “kuring” ngarasa geus nyieun dosa pédah boga salaki ka urut kabogoh babaturanana. Atuh dina “Sial” si “kuring” kawiwirangan basa gelungna murag hareupeun jalma réa, cara si “kuring” dina “Di Lembur” anu kanyahoan ku ibu-ibu yén manéhna teu bisa ngaji. Ari dina “Paséa”, Mari nu boga lalakon kacida teu ngeunah pédah dipitenah ku Emin, sobatna pisan, pajar boga niat haying ngarebut salakina. “lajang Baheula” gé dina jero-jerona mah ngandelkeun kasusah “Inggin” keur ngora nu kudu daék dihukum ku aki-aki sakumaha pamundut Juragan Dalem. Sok komo dina “Nyi Karsih” mah, kapan tokoh Nyi Karsih anu dipaksa ngawulaan kapalay Juragan Dalem téh antukna mah nepi ka luas nelasan manéh.
hilfia budi astuti
10060003

1 komentar: