Rabu, 03 Juni 2009

Judul : Silang Sigeu
Pengarang : M. Sasmita
Penerbit/ thn : Cupumanik/ Oktober 2006

Aya hiji awéwé jeung lalaki, maranéhna boga landihan masing-masing. Nu lalaki sok disebut silang (si belang), sabab pas dina waktu janjian rék papanggihan manéhna maké baju belang. Ari nu awéwé sok dilandih sigeu (si geulis), sabab pada can nyaho ngaran aslina. Maranéhannana bisa panggih téh, sabab si Silang unggal malem saptu sok ngadéngékeun radio, jeung sok ngahaja néangan sora penyiar awéwé tuluy si Silang ngawawanikeun manéh ngajak wawanohan nepi ka janjianna.
Geus sataun leuwih maranéhna wawuh téh. Pleng wé….sababaraha taun teu panggih. Dina hiji waktu nya éta poé minggu sabuat ngajak ulin budakna, si Silang ujug-ujug aya nu ngageroan bari nepak kanu taktakna “Silang….?!”. si Silang reuwas, sabab nu ngalandih manéhna silang mah ngan si Sigeu hungkul. Tuluy maranéhna ngobrol di tukang mie kocok, sabab mie kocok téh karesepna si Sigeu. Maranéhna patuker nomor telepon jeung sérélék (serat éléktronik, email téa) geus kitu maranéhanna papisah, sabab budak si Silang ngangajak balik waé.
Peutingna si Silang mukaan email. Kunaon bet peuting? Cenah mah, sabab kahiji ngoprék computer teu kaganggu ku budak, kadua sugan wé bakal leuwih cepet, katiluna sugan wé mayar teleponna rada murah. Pas dibuka loba sérélék nu asup, salah sahijina ti si Sigeu. Manéhna nyaritakeun keur basa manéhna pisah jeung si Silang. Tuluy wé si Silang ngabales sérélék ti si Sigeu. Berbagi pengalaman.

Nama : Eva Siti Nurjanah
NPM : 180210060009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar